14 Agustus 2010

Bubuka

Sairing puji kahatur ka Allah Rubbul Izati, sarundayan puja ka Allah anu Maha Kawasa, Maha Adil turta Bijaksana kaabdina sadaya. Sakumna syukur kahatur ka Allah nu Maha Gofur, anu ngurus turta ngatur ka sakumna mahluk.
Bismillah gumelar panungtun catur nu jadi tuturus laku muru gapura rahayu, banjaran jati ning bagja.
Hamdalah minangka gapura panyeka rasa, panyapu ujub takabur nu ngagujud dina qolbu, sing ngajadi pangusir kumaki nu ngadaki dina ati, nu kantun setrana rasa bersihna ati, pasrah sadrah kana kaputusan Allah Subhanahu Wata'ala.
Syahadat netepken nu jadi Pagusten bari pasang subaya kanu Maha Kawasa, yen urang sadaya moal bengkok sinembah ka Allah Subhanahu Wata'ala, moal lanca linci loncat mulang udar tina tali gadang, najan nepi ka iraha, keukeuh kukuh, anteng manteng moal monteng najan loba anu muntangan.
Sholawat hiji du'a tanda kadeudeuh anu maneuh tur teu seubeuh ka kanjeng Nabi nu jadi Jungjunan Alam, nu jadi tuturus laku enggoning sumujud kanu maha Agung, pola lampah dina papantunan hirup, hirup anu miharep Bagja Dunya Akherat.